Carita Wayang


LALAKON DEWI NILA NINGRUM

Kacarioskeun dina Nagara Amarta diwewengkon madukara dipakampunganana kampung nyingkur sisi gunung, hejo lemoh dandaunan rajegna tutuwuhan cur-cor caina nu harerang marga satwa disarada manuk gede manuk leutik pasiliweur. Tawis nagara subur, makmur, gemah ripah loh jinawe aman santosa kertaraharja. Sepi paling towang rampog nu digawe sing pehate kaum diburuhan teu ripuh karyawan sumi sarengna. Wateg wangkoh saraja nagara raja ardilpra marta nyeta Prabu Yudistira, sekeseler barata nyaeta putrana pandu Dewa Nataswargi, semar lurah putra pawangna salaku sesepuh ieu pakampungan tumaritis ngahaja ngahaturanan linggih Astrajingga lan Dewala.
Dikampung Tumaritis Desa kenong Gorowong, hiji sepuh nu parantos kasihpuhnu pingaweruh nyaeta kakasih kisahna pralon atanapi Semar Bandranaya ngahaturanan Linggih ka Astrajingga Lan Dewala, kiwari aya parantos nu ditepikeun ku Semar Bandranaya, ngantos kana dawuh semar Bandranaya nya kitu kaayaan. Saurna:
“Tagening, Ha..ha..ha…., Anaking Astrajingga jeung Dewala payus di piagul reureus napi nuhun kanu pambage sepuh”
“Aya naon pikersaen naon ieu teh?” Saur Astrajingga jeung Dewala
“Syukur, jang kieu saperkara dewek teh sono, kaduana ti eta memang anu bade ditepikeun anu baris dipandungdeungkeun”.Saur Semar
“ Ngeunaan?” Saur Astrajingga
“Dewek teh bade boga pamajikan deui, kulantaran diridhoan ku indung silaing nyaeta sareng Dewi Nila Ningrum ti nagara Pertapan Banyu Karsana” saur Semar.
Si Astrajingga teh ngawarah bapana nyaeta Semar lantaran kudu ngahormatan si ema, ngelingkeun bapana. Semar Bandranaya teh keukeuh peuteukeuh rek ngalamar Dewi Nila Ningrum indit ka Pertapan Banyu Kancana, Semar dituturkeun ku Astrajingga rejeung Dewala nu niat rek ngalamar Dewi Nila Ningrum ka Pertapan Banyu Kancana nu kiwari jadi inceran para jajaka.
Kumargi anu kageulisanana, taya hiji lalaki nu teu katarik ku Dewi Nila Ningrum, Para nonoman nu kaedanan ku kageulisan ieu sang Putri, atuh pabeja-bejaannana nu parantos kageulisan putri teh katarik, kataji, kapati-pati nyaeta beja di partepan teh aya malati sanajan bangbara meran hiji bangbara nu henteu tiasa menangkeun ieu malati nu aya di Pertapan.
Aswatama putrana Dorna, nu kaedanan ku Dewi Nila Ningrum, lajeung wae nu bade ngalamar, atuh ma`lum hiji guru kurawa pandawa, kiwari nu bade ngalamar ka Dewi Nila Ningrum.
Aswatama jeung Pandita Dorna kalayan sarereana ngumpul mumpulung, yen kumaha carana bisa ngalamar ka eta Dewi Nila Ningrum, kusabab kitu, Aswatama geuwat ka Pertapan Banyu Kancana. Lantaran Dewi Nila Ningrum kapalayna ka pameget nu sarupaning manusa. Aswatama the kasinggung lantaran lamaran teh teu ditampi malahan nu kaluar lain Dewi Nila Ningrum, naming selirna Dewi Nila Ningrum. Nya didinya teh kajantenan perang antawisna Aswatama rejeung Pandita Permana Sidik anu oge Ramana Dewi Nila Ningrum. Lantaran eleh ku Pandita Permana, Aswatama kalayan reng-rengan mulang ka nagarana, menta bantuan ka Prabu Durgala Pati ( Raja ti nagara Jin ).
Prabu Durgala teh mere tugas ka para anak buah nyaeta ka para jin sangkan ditiap 10 meter ti tempat cicingna Dewi Nila Ningrum kedah aya nu ngawas ku dua jin sangkan si Dewi Nila Ningrum teu bisa kabur, sakabeh jin ngarti kana tugas sewing-sewang.
Ditempat sejenna Semar kalayan murangkalihna nyaeta Astrajingga rejeung Dewala parantos dugi ka Pertapan Banyu Kancana, mung aya gangguan di haling-halang ku jin pangganggu, kusabab kitu Semar amuk kacida. Didinya kajadian perang diantawisna Astrajingga, Dewala kalayan Jin. Dina eta perang Astrajingga jeung Dewala teh eleh dialungkeun ka angkasa. Di sejen tempat Prabu Yudistira ti nagara Amarta baris ka Pertapan Banyu Kancana, nanging kadangu ku saunter Astrajingga kalayan Dewala, jol wae Yudistira nulungan Astrajingga kalayan Dewala. Prabu Yudistira tumaros ka Astrajingga, bari pokna, “naha eta bias dialungkeun ka angkasa kitunya Astrajingga?”,tembalna “si Astrajingga nyaeta perang rejeung sabangsa Jin nu baris ngalamar Dewi Nila Ningrum, lajeung nanyakeun deui tujuan nganteur tuang rama baris ngalamar Dewi Nila Ningrum”. Nya Prabu Yudistira ngeujateun bari pokna, “Naha geus kolot hayang kawin deui.”
Prabu Yudistira teh jol langsung ka Nagara Pertapan Banyu Kancana, maksud baris nulungan ka eta Dewi Nila Ningrum, di hiji tempat Prabu Yudistira ngelehkeun kabeh sabangsa Jin, rejeung patepung Semar kalayan Dewi Nila Ningrum. Di dinya teh Yudistira ngajentrekeun lantaran anjeuna baris ngalamar Dewi Nila Ningrum, mung Dewi Nila Ningrum, kahoyongna ka sarupaning manusa, nya didinya oge Semar ilibiung ngajentrekeun ka sakabehna ku kituna Dewi Nila Ningrum luluh ka Semar.
Di tempat nu lain, Pandita Permana Sidik perang jeung Aswatama, Pandita teh langsung nyerahkeun ka Semar nu parantos tiasa katarima lamaranna ku Dewi Nila Ningrum, lantaran Semar bisa ngelehkeun Aswatama jeung Prabu Durgala Pati.
Pamungkas Semar teh nyampe katujuanana, nyaeta nyalametkeun Dewi Nila Ningrum, nusabenerna nyaeta Pusaka Layang Jamus Kalimusada perlambang Agung ti Nagara Amarta.

0 Comments:

Post a Comment